Majalah umum anu medal di Bogor. Awalna medal sapuluh poé sakali. Saterusna saminggu sakali. Saméméh eureun medal, kungsi ogé medal sabulan sakali. Warga anu dikokolakeun ku Nanie Sudarma téh kasohor ku eusina anu tandes ngabéla hak urang Sunda. Kungsi jadi palagan polemik ngeunaan hak hirup sajak dina sastra Sunda kurang leuwih sataun lilana. Salian ti tulisan-tulisan umum, ngamuatkeun ogé karangan dangding jeung carpon. Medal ti taun 1952 nepi ka 1964.
Tina eusi majalahna leuwih neueul mélaan golongan Islam, disagédéngeun mélaan hak jeung kapentingan politik urang Sunda. Tulisan-tulisanana loba ngawartakeun ngeunaan gerakan kasundaan, kalawan mayeng remen ngamuat karangan-karangan Askawi (sandiasma Adeng S. Kusumawijaya) nu seukeut ngagambarkeun posisi sosial politik urang Sunda di lemburna sorangan nu kawilang teu nyugemakeun.
23 Nov 2021
Madjalah Langensari
Majalah bulanan, kungsi ogé jadi tengah bulanan. Medal ku alpukahna CV Langensari, Bandung. Dikokolakeun ku T.S. Subary, dirédaksian ku Patah Nataprawira, R.M. Atmamiharja, Caraka, S.M.E. Permana, jeung Sunarya P.K.. Eusina leuwih ngutamakeun hiburan. Salah sahiji pangarang anu réa ngamuatkeun carpon dina ieu majalah nyaéta Caraka.
Majalah Langensari leuwih ngutamakeun hiburan, utamana ngamuat carpon jeung carnyam, disagédéngeun ngamuat sajak jeung dangding. Muka lolongkrang pikeun para pangarang ngora alam harita, diantarana Min Resmana jeung Rahmat M. Sas. Karana. Mimiti medal taun 1962. Eureun medal taun 1968.
Loba pangarang Sunda nu tuluy jadi pangarang moyan sabada karyana midang dina ieu majalah. Sababaraha buku petingan nu midang munggaran dina ieu majalah, di antarana karya-karya Caraka nu judulna "Sripanggung jeung Menak Baheula". Lian ti Caraka, Min Resmana ogé maneuh nyieun dongéng Si Kabayan dina unggal édisi, nu eusina nyindiran kahirupan masarakat dina mangsa harita, nu tuluy dikumpulkeun dina buku nu dijudulan "Si Kabayan Tapa".
23 Nov 2021
Haji Hasan Mustapa: Bujangga Sunda Taya Duana
Haji Hasan Mustapa (HHM) gumelar di Cikajang (https://su.wikipedia.org/wiki/Cikajang,_Garut), Garut 3 Juni (https://su.wikipedia.org/wiki/3_Juni) 1852 (https://su.wikipedia.org/wiki/1852) atawa 14 Sya'ban 1268 H. Ngantunkeun di Bandung (https://su.wikipedia.org/wiki/Bandung), kaping 13 Januari (https://su.wikipedia.org/wiki/13_Januari) 1930 (https://su.wikipedia.org/wiki/1930) atawa 12 Sya'ban 1348. Anjeunna téh ulama (https://su.wikipedia.org/wiki/Ulama) sakaligus bujangga Sunda (https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Sastrawan_Sunda&action=edit&redlink=1) ahir abad ka-19 (https://su.wikipedia.org/wiki/Abad_ka-19)/awal abad ka-20 (https://su.wikipedia.org/wiki/Abad_ka-20).
Host of Lopian Unpad?
Claim your podcast to manage its listing and keep your show details accurate.
Pod Engine is an independent podcast discovery and analytics service and is not affiliated with or endorsed by this podcast. Artwork and show content belong to their owners. Full legal notice.