Podcast Literasi Keuangan ini merupakan Podcast yang dibuat untuk membantu masyarakat dalam pengelolaan keuangan sehingga terhindar dari masalah-masalah keuangan yang lazim ditemui dalam kehidupan sehari-hari seperti terjerat utang pada rentenir, arisan paket, dan sebagainya. Podcast ini dibuat sebagai terapi bagi masyarakat khususnya lansia, sehingga bahasa yang digunakan adalah bahasa daerah yaitu Bahasa Sunda.
Keur meujeuhna haneut moyan sabudeureun lembur Nagawir sok remen nu moyan, moal jauh ti gemplekan éta, Mang Ucup anu geus kolot ayeuna kari ngala tina manéhna dagang, budak ayeuna geus gedé geus tangtu bisa nalang kanu jadi Bapana. Atuh nempo na ogé bagja jeung pinuh ku perjoangan salila ieu téh, hasilna.
11 Aug 2021
CARITA 07 - DONGÉNG KOPERASI
Koperasi bisa jadi cukang lantaran pikeun bisa jadi
sarana pangabutuh, ieu koperasi tangtu méré
pangaruh anu kalintang gedéna dina widang dagang, lantaran ieu anu bisa di paké nalika aya ka susah dina
nginjeum duit, bayaran anu sacara teu langsung méré
mangpaat pikeun masarakat na.
Koperasi bisa dipaké nalika kaayaan keur meujeuhna
loba pangabutuh, jeung dina maké na ogé bunga dina
injeuman teu sagedé dina ngiridit ka bang émok anu
sok biasa disebut mah Léntah Darat.
11 Aug 2021
CARITA 06 - BAITUL MAAL WATAMWIL
BMT ilahar aya dina mangsa anu keur meujeuhna
dibutuhkeun lantaran ieu anu bakal jadi cukang
lantaran pikeun nyingkahan pasualan, tapi da enya
atuh matak bisa nulungan ka jalma leutik. Pikeun bisa
nuluykeun hirup anu bakal di singhareupan, kahayang
mah loba tapi beubeunangan euweuh, enya BMT anu
bisa nulungan dina palebah kieu na. Bisa méré
pangaruh anu gedé pikeun nyumponan kabutuhan.
11 Aug 2021
CARITA 05 - INVESTASI
Investasi anu hadé nyaéta, Investasi anu bakal bisa mawa pangaruh dina ngagolangkeun duitna sorangan. Naha bet atuh nu sorangan lain nu batur, lantaran anu ngainvestasikeunana ogé sorangan, jadi kudu apal pangaruh naon anu bakal di beunang dina ngainvestasikeunana. Kabeneran harita Mang Ucup boga modalna pikeun nunda duitna, tapi kudu bisa ngahasilkeun anu deui sangkan manéhna ogé rék maké duit éta, sok biasa lamun aya Mang Ucup pasti aya euceu-euceu anu geus maham bag-bagan dina literasi keuanganana. Geus aya pangalaman anu kungsi kalakonan, tangtu bakal nyarita ngeunaan naon waé anu geus kaalaman.
11 Aug 2021
CARITA 04 - LENTAH DARAT
Léntah Darat anu geus teu bireuk deui di lembur téh geus teu ka itung deui loba, loba anu nginjeum duit ka Léntah darat éta, lantaran pikeun nyumponan pangabutuh sapopoé na. Lamun teu kitu masarakat téh can apal naon anu hadé jeung goréngna.. akibatna anu leuwih jauhna nyaéta harta banda anu dipimilik ku nu nginjeum jadi bahan pikeun ngaganti duit anu geus di injeumna.
11 Aug 2021
CARITA 03 - KOPERASI SERBA USAHA
Unggal isuk-isuk pasti kabiasaan masarakat anu ngariung di tempat anu biasana, Mang Ucup deui anu jadi papatahan kabeh jalma teh. Lantaran manehna boga pangabisa dina dagang ngan can bisa dina ngolah hasilna. Anu mere nyaho kana hasilna anu bakal nyugemakeun Mang Ucup teh moal jauh ti Ceu Titin jeung Ceu Eros. Dibere nyaho ti mimiti cara anu bener jeung hasilna anu bakal leuwih hade tibatan biasana.
11 Aug 2021
CARITA 02 - PEGADAIAN
Dina prosés ngagadékeun kudu apal cara anu bener lain ngan saukur bisa narima hasilna, tapi bisa ngolah dina hasilna, anapon kitu Mang Ucup anu jadi conto pikeun bisa méré nyaho ka nu lian yén ngadékeun téh kudu apal aturanana.
11 Aug 2021
CARITA 01 - ARISAN PAKET
Dina poé isuk-isuk keur meujeuhna haneut moyan, masarakat biasa sok ngariring di hareupeun warung, biasa pan sok aya Mang Ucup anu geus sapopoé na di tungguan pikeun balanja, ari biasa nu sok ngariung téh aya Ceu Titin, Ceu Édoh, Ceu Eros. Kabeneran waé Mang Ucup nu can ngarti kana kumaha cara ngolah duit hasil dagangna, pikeun bisa nunda jeung pikeun nyumponan pangabutuh sapopoé na, jadi Mang Ucup silih talingakeun ku euceu-euceu anu aya didinya, utamana ku Ceu Titin, jeung Ceu Eros. Lantaran duaan teh kalintang aktipna di koperasi Désa.
Contact Podcast Literasi Keuangan Bahasa Sunda
Guest appearances
Does not typically book guests
Based on episode analysis; this does not confirm that the show is currently accepting guests.
Host of Podcast Literasi Keuangan Bahasa Sunda?
Claim your podcast to manage its listing and keep your show details accurate.
Pod Engine is an independent podcast discovery and analytics service and is not affiliated with or endorsed by this podcast. Artwork and show content belong to their owners. Full legal notice.
Explore this show Podcast research with Pod Engine